Tapi anéh, béda tina sangkaan, gelap téh diarep-arep teu disada, sabab Tuan Marsekalek kaburu kagét ku pepetaanana pangawulaan olohok kawas nu leungiteun akal. Ari nu jadi ngagétkeun ka Tuan Besar nyaéta barang song anjeunna ngasongkeun panangan, ku Dalem Sumedang disambutna ku panangan kiwa, sabab nu tengen mah dianggo nyepeng landéan keris, nu geus beunang ngagilirkeun ka payun.Ari lil…