Dina carpon-carponna Yus Rusyana geus ngagunakeun setting sajarah Sunda dina rupa-rupa tahap, tapi anu ngagambarkeun kahirupan Ki Sunda boh nu sifatna jiwaah boh nu ruhaniah. Kabehanana ngabuktikeun yen Yus Rusyana wanoh enya kana hirup-hurip Ki Sunda. Tur eta the digambarkeun make gaya basa nu nembongkeun usahana dina enggoning ngagunakeun kabeungharan basa Sunda, boh nu mangrupa undak-usuk bo…