Putri Citraresmi ngajerit maratan langit basa mireungeuh ramana geus ngababatang Dirina sabil m h teu kuat nahan diri hayang kaluar ti k mahna Tapi ari ras kana dirina nu kudu jadi upeti regog deui bari tuluy nutupkeun lalangs k mahna Ret kana patrem pam r Paman Mangkubumi Bunisora Suradipati geus lamokot ku getih Man hna neuteup patrem bari mikiran nasibna Getih enya getih Enya demi harga diri…
Buku Nu Kaul Lagu Kaleon ngagambarkeun kumaha katapis RAF enggoning nulis ieu roman nu meunang Hadiah Rancage taun 1991 Pakait asihna hiji mojang nu diajar nembang jeung bujang nu ngajarna dicaritakeun kalawan subtil teu bruk brak ti awalna kawas roman jaman ayeuna Karek di ahir carita kakara kabuka kumaha hubungan silih pikacinta eta dua nonoman teh Dina Nu Kaul Lagu Kaleon katempo tur karasa …
Novel Lain ?ta nyaritakeun carita cinta antara Mahmud jeung Neng Eha anu asalna tina latar sosial anu b?da,. Mahmud nya?ta nonoman sederhana anu hirupna basajan, sedengkeun Neng Eha mangrupa putri juragan beunghar di Cianjur. Pasamoan maran?hna ngalahirkeun rasa silih pikanyaah anu tumuwuh sacara alami. Hubungan 6ta henteu gampang dijalani sabab aya halangan adat jeung pamadegan kulawarga. Bapa…
Dina Ki Merebot, Ahmad Bakri kalawan tapis ngagunakeun basa Sunda dina wangun paguneman anu merenah tur hirup, hususna dina ngagambarkeun kahirupan di pilemburan mangsa samemeh perang. Bisa jadi lantaran kasang tukangna guru, loba amanat nu hayang ditepikeun dina carpon-carponna teh. Tapi ku sabab maher nyelapkeun heureuy has Sunda, eta amanat teh teu karasa mapatahan ku nu macana.
Kumpulan carita pondok carpon Kanyaah Kolot ka rangan Karna Yudibrata sanajan ditulis taun 1960 an tur munggaran medal jadi buku taun 1985 dibaca deui taun 2014 topik jeung pasualan anu meulit dina diri tokoh tokoh na angger ngagurilap Le bah dieu unggulna sastra mun diban ding jeung tulisan wangun s j n komo berita tembus jaman Sakuma ha pada terang teu sakab h karya sastra sanggup nitih wanci…
Dina carpon-carponna Yus Rusyana geus ngagunakeun setting sajarah Sunda dina rupa-rupa tahap, tapi anu ngagambarkeun kahirupan Ki Sunda boh nu sifatna jiwaah boh nu ruhaniah. Kabehanana ngabuktikeun yen Yus Rusyana wanoh enya kana hirup-hurip Ki Sunda. Tur eta the digambarkeun make gaya basa nu nembongkeun usahana dina enggoning ngagunakeun kabeungharan basa Sunda, boh nu mangrupa undak-usuk bo…
Bentang Pasantren nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot sejenna Ku katapisna dina nyusun ungkara anu direumbeuy ku humor jeung kekecapan has pasantren beunang nyutat tina Quran hadis jeung kitaBentang Pasantren nyaritakeun katresna santri ka putra ajenganana anu jadi rebutan lurah santri jeung santri kahot sejenna. Ku katapisna dina nyu…
Lol sirah kaluar ce ce ce Sunarya nincak hambalan taraje turun Remeng remeng katingal Sunarya nangkeup cepuk Ngan sakilat Sunarya geus ngajurahroh teu pupuguh Suruntul Si Bedog Panjang kaluar ti kolong Gabrug ngarontok cepuk nu lesot tina leungeun Sunarya jarangkang hudang berengbeng lumpat Barang Si Bedog Panjang ngaliwat ka hareupeun nu nyarumput meh bareng jekuk Cece numbuk pundukna Yunus ny…
Si Lamsijan nu didongengkeun teu beda ti nu aya dina wayang golek cepak Pasipatanana teu parok jeung batur sok ngarasa sagala nyaho tapi saenyana mah bodo katotoloyoh Ari bogoh ka Si Amoy tepi ka kaedanan pisan Menta tulung ka dukun malar nga jodo jeung nu dipikasono Orokaya peletna kalah nerap ka Si Cepleu Ki Umbara mere conto yen tokoh folklorik nu pa si patan jeung tabeatna geus miboga stere…
Rajapati di Pananjung ngagambarkeun kajadian rajapati di tempat wisata Pananjung Pangandaran waktu aya rombongan para pamuda datang ka dinya Yoyo salah saurang di antarana papanggih jeung urut kabogohna anu geus kawin jeung nu sejen Waktu keur paduduaan urut kabogohna teh mulangkeun ali nu dibikeun ku Yoyo ka manehna baheula Eta ali ku Yoyo dibikeun deui ka kabogohna nu ayeuna ngilu piknik ka P…